Halaman

Senin, 10 Desember 2012

Harita

Nemu tulisan ini di komputer lama :


Eta surat ondangan masih keneh dicekelan ku sim kuring. Kertasna geus lecek kusabab sering dibuka, diremes terus dibuka deui. Sigana kuring geus ngalakukeun puluhan nepi ka ratusan kali eta lalampahan ti mimiti eta ondangan nepi ka leungeun kuring .

“Kuring hayang anjeun datang. Kuring hayang anjeun nyakasian eta poe sakral, poe dimana sabenerna kuring miceun hiji impian, salilana. Impian anu can kungsi kuring perjuangkeun, can sempet oge kuring mimitian. Hanjakal, kuring leuwih tiheula digeuingkeun ku kaayaan. Waktu ngageuingkeun paksa kuring tina impian, maksa kuring ngaguar lampah dina lorong kanyataan” manehna ngomong bari nyodorkeun ondangan nu warnana gandaria ka hareupeun kuring.

Kaayaan rumah makan beurang eta rame pisan, tapi hate kuring sepi. Cipanon rasana parebut menta dikaluarkeun, tapi sakuat tanaga kuring nahan. Rasana geus cukup kuring ceurik balilihan, kusabab ceurik henteu nganteurkeun kuring ka dimensi anu dipikaharep. Kuring tetep jadi kuring, jelema anu dipaksa ngadange hatena soek. Sorangan. Kuring narima eta ondangan dina parasaan hampa, satengah eungap.

“Jang naon kuring datang? Kapentingana naon kuring kudu ngahadiran eta acara? Teu bisa kitu anjeun ngaraba hate kuring sakeudeung, mikirkeun parasaan kuring. Geuslah, kuring geus berusaha ikhlas ngaleupas anjeun. Entong ngabebani deui kuring!” Satengah ngagorowok kuring ngucapkeun eta kalimat, untung kuring masih sadar mun eta kajadian lumangsung di tempat umum. Kuring cengkat terus indit ti hareupeunana.

“Tulunglah....demi kuring!” Masih keneh jelas kuring ngadenge manehna ngucapkeun eta permohonan.

Poe eta datang oge, poe kawinan manehna. Kawinan lalaki anu pernah jadi lalaki kuring. Jelema anu ngenalkeun getar asmara kuring anu mungggaran ka dunia abu-abu. Jelema nu datang sabagai jawaban tina kagelisahan kuring nu beda tinu lian. Bareng manehna kuring ngecap bahagia, bareng manehna kuring nyobaan nu kubatur disebut nista.

Kuring memang datang poe eta, tapi kuring teu kaluar tina mobil. Kuring ukur muka kaca jandela, nempokeun ti jauh. Manehna, lalaki nu pernah kuring puja, lancar tur wibawa ngucapkeun ijab kabul, ngawinan awewe nu geus dipilihkeun kolotna. Manehna, lalaki nu pernah nyieun gambar hate dina dada kuring pinuh, gumujeung pas ratusan tamu ondangan mere ucapan salamet tur untaian doa. Kuring ninggali manehna bahagia, kuring bisa ngarasakeunana.

Duh anjeun panganten lalaki, kuring datang ka kawinan anjeun. Minuhan jangji jeung namatkeun kabahagiaan kuring. Anjeun meureun teu sadar mun kuring datang, kuring memang teu niat ngadatangan anjeun sacara langsung. Kuring ngan ngilu ngadoakeun sangkan anjeun hirup bahagia salalawasna jeung awewe eta. Istri anjeun anu sah. Kuring harep anjeun teu ninggali deui ka tukang, tamatkeun bae jalinan kisah anjeun jeung kuring anu sarua lalaki nepi ka dieu.

Kuring nutup kaca jandela, terus lalaunan nutup panto hate sabari cirambai.

Tulisan ini d buat sebagai tugas pada acara Pasanggiri Mojang Jajaka Jawa Barat 2003. Lewat tulisan ini juga si penulis terpilih sebagai Jajaka Calakan Jawa Barat 2003.

3 komentar:

Aisyah Al Farisi mengatakan...

eh, jadi inget kampung baca postingan ini..
pernah ikutan moka ya ternyataa

Farrel Fortunatus mengatakan...

sanaos basa sunda na seuseur keneh anu kirang merenah tur kacampuran ku kecap-kecap bahasa indonesia, tapi tetep kuring kedah ngacungkeun dua jempol he he he...

Aku penggemar novel & cerpen berbahasa sunda lho. aku suka karya"nya: aam amilia.

Ligx mengatakan...

sedih amat bacanya